Senin, 08 November 2010

artikel kebudayaan sunda


Indonesia mangrupakeun Negara anu beunghar ku budaya. Salah sahijina budaya anu aya di tatar pasundan (budaya sunda). Budaya di tatar sunda ka koncara ka mana-mana,nepika di aku ku mancanegara. Naming, jaman kiwarimah, budaya sunda the jadi katetelerkeun, jarang di mumule ku masyarakat. Teu saetik masyarakat di tatar sunda geus poho ka budaya sorangan. Tapi kitu oge teu sadaya masyarakat di tatar sunda mohokeun atawa nepi ka ninggalkeun adat jeung ka biasaan budaya sunda. Contona di masyarakat Jatisari Desa Jatibungur Kecamatan Darmaraja Kabupaten Sumedang naeta lamun tos aya nu di sepitan the sok ngayakeun raramean, contona nyawer, nanggap kuda renggong jeung sajabana.
Nyepitan nyaeta salah sahiji kawajiban sadayana pameugeut umat islam di dunia pikeuin miceun kokotor. Ari di lembur abdimah nyaeta lembur darmaraja nyepitan the erat hubungana jeung nanggap kuda renggong. Bisana lamun aya nu nyepitan teh sok nanggap kuda renggong jeung sajabana. Abdi parantos pernah ngalaman anu ngaran di sepitan, di sepitan teh lumayan nyeri ngan entosnamah seneng sebab di pasihan artos ku masyarakat.
Di sepitan teh dilaksanakeun sakali saumur  hirup. Anu sok di sunatan biasana lalaki ti umur sataun hingga 7 taun. Lamun tos di ayakeun sepitan  teh biasana sok di ayakeun syukuran, keur ngadoakeun anu  parantois di sepitan. Saentos eta  biasa nateh lamun keur kaluarga nu kaya mah sok nyawer sapertos pernikahan. Saentos kitumah sok ngayakeun anu namina nanggap kuda renggong.
Kuda renggong nyaeta kasenian khas urang sunda kuda renggong biasana di ayakeun ti enjing dugi ka sing atawa sore. Acarana nyaeta anu parantos di sepitan teh di dangdanan saperti gatot kaca tuluy numpak kuda renggong.saentos numpak kuda renggong tuluy di iring – iring ku masyarakat ngulilingan desa. Sa entos kitu mah biasana sok di ayakeun atraksi kuda renggong. Lamun tos atraksi kuda na istirahat.wenina sok diayakeun pangaosan. Mugi sakitu anu tiasa ku simkuring di bejakeun. Upami  aya kaleupatan mugi di hapunteun, ieu sadaya carita nyata di lembur Darmaraja.    
                                                                                    Karya: Fahmi Wahyu A                                                                                                                              kelas Xll ipa 4

Tidak ada komentar:

Posting Komentar